JUZ’ 1 HALAMAN 158 JAJARAN 001


FATHUL MU'IN
JUZ’ 1 HALAMAN 158 JAJARAN 001

Sareng disunatkeun midamel Qunut dina sholat subuh, tegesna dina i'tidal rokaatna anu akhir, dina sapartos dzikir anu bakukeun - nurutkeun kaol anu aujah, sareng ari itu dzikir teh (aosannana) dugika Min Syai'in ba'du.
Sareng sunat qunut dina i'tidal rokaat anu akhir - witir saparo anu kaakhirnakeun tina bulan romadhon, karana arah-arah turut kakanjeung Nabi.
Sareung dimakruhkeun midamel qunut dina saparo anu kaawalnakeun, sapertoskeun sasesana taun. (contona: dimakruhkeun qunut dina kaakhirnakeun dina bulan syawal, dzul qo'ida, dzul hijjah sareng saterasna)

Sareng qunut dina sakari-karina sholat anu difardhukeun anu tetep tina sholat lima waktu, dina i'tidal rokaat anu akhir, sok sanaos ka masbuq - anu qunut ieu masbuq sarta imamna, karana arah-arah ayana balahi anu turun.
(Sapertoskeun ayana balahi) anu turun ka pirang-pirang jalmi anu islam, sok sanaos ayana jalmi islam teh mung saurang kaalaf manfaatna, sapertoskeun dibawana jalmi anu 'alim atawa jalmi anu gagah. sareung ari ayana qunut nazilah teh karana arah-arah turut ka aknjeung Nabi. Sareng eta sami bae dina midamel qunut nazilah ari ayana kasieun sok sanajan musuh anu islam, oge ayana halodo, oge ayana balahi.

Sareng kaluar ku sholat anu difardhukeun ari sholat sunat sok sanajan dina ngalaksanakeun sholat sunat Id oge sholat nadzar, maka teu disunatkeun qunut nazilah dina sholat Id oge sholat nadzar.
Halna bari ngankatkeun kana dua panangannana malebahan dua taktakna. sok sanajan ayana ngadu'a dina tingkah ngaleum, sapertoskeun sakari-karina pirang-pirang du'a, karana arah-arah turut ka kanjeung Nabi.

Oge sakira-kira ngadu'a jalmi anu ngadu'a karana arah-arah ngahasilkeun hiji perkara, sapertoskeun nolak balahi ti itu jalmi anu ngadu'a dina sasesana umurna, maka ngajadikeun kana beteng dampalna diarahkeun kaluhur, atawa arah-arah ngalengitkeun balahi anu paratos tumiba maka ngajadikeun kana tonggong dampal pananganna diarahkeun kaluhur. Sareng dimakruhkeun ngangkatkeun dua panangan pikeun khotib dina nalika tingkah ngadu'a.
◄◄●════════◄►════════●►►








































































































































Tidak ada komentar:

Posting Komentar